Kamis, 26 Mei 2016
Carpon- Jelema Sirikan
Di SMAN CIKUDA aya hiji hudak istri anu kacida geulisna,salain éta anjeunna bageur jeung pinter. Namina Tiara,kelas 12 IPS 1. Tiara kaasup budak nu berpréstasi,anjeunna pernah menangkeun juara hiji lomba maca sajak sunda,juara tilu lomba olimpiade MTK tingkat provinsi,anjeunna ogé sok jadi juara kelas. Tiara aktif ngiluan ekskul, diantarana paskibra,rohis jeung tari daérah. Di sakolana téh Tiara loba di pikaresep ku réréncanganna sabab sipatna nu ramah, Tiara ogé sok ngabantuan réréncanganna jeung ngabaur sareng nu sanés na. Tapi aya hiji réréncanganna anu teu mikaresep ka anjeunna namina Bianka. Bianka teu mikaresep Tiara sabab anjeunna teu bisa kos Tiara, anjeunna téh sirik ka Tiara. Kadang-kadang Bianka sok ngajahatan Tiara.
Di bumi na, Tiara téh putri bungsu. Tiara gaduh Bapa namina Junaédi,Indung namina Ratih jeung hiji lanceuk namina Tono. Di bumi Tiara téh anu paling dimanja ku Bapana. Bapana sok ngaluangkeun waktos kanggo Tiara. Tiara sok naros ka Bapana lamun aya tugas anu teu kahartos ku Tiara. Tiara rajin ngabantuan Indungna masak ,nyapu jeung ngepél di bumi. Tiara sok nurut ka paréntah Indung jeung Bapana.
Sementara Bianka, Anjeunna gaduh Bapa namina Irwan,Indungna geus ngantunkeun keur tilu tahun harita. Bapana Bianka jeung Bapana Tiara téh réréncangan ti baheula, tapi Bianka jeung Tiara teu akur kos Bapana. Bianka téh budak hiji-hijina atawa anak tunggal. Anjeunna di manja ku Bapana,sagala nu dipikaresep ku Bianka pasti di kabulkeun. Tapi Bapana jarang aya waktos , Bianka teu di perhatikeun. Teu kos Bapana Tiara, éta ogé anu nyebabkeun Bianka sirik ka Tiara. Bianka téh kurang kasih sayang.
Di Sakola, Tiara jeung réréncanganna nu séjén keur ngabersihan kelas. Saanggeus ngabersihan kelas téh,wali kelas sumping méré pengumuman ngeunaan Ulangan Tengah Semester, jeung méré jadwal ulangan. Dina jadwal téh ulanga dimulai poé senén.
"Tilu poé deui téh UTS,kumaha lamun urang téh belajar kelompok?" saur réréncangan Tiara.
"Satuju! Hayu atuhh,tapi urang téh badé belajar dimana?" saur Tiara.
"Kumaha lamun urang belajar di bumina Tiara?" saur réréncangan nu séjén.
"Enya atuh teu kunanaon." Saur Tiara.
Ngadéngé réréncanganna ngobrol jeung Tiara Bianka langsung ngajéngkat,tapi Tiara nyampeurkeun Bianka.
"Bianka, isukan téh réréncangan badé ka bumi abdi,badé belajar kelompok." Saur Tiara lembut.
"Nya terus kunaon kitu?" Saur Bianka sinis.
"Abdi badé naroskeun.Bianka téh badé ngiring moal?" Taros Tiara.
"Teu perlu,abdi mah tos pinter,teu perlu belajar kelompok." Saur Bianka langsung ngajéngkat.
Énjingna di bumi Tiara,réréncangan Tiara atos aya di bumi Tiara. Maranéhanana keur di ajar pelajaran Basa Indonésia,Matematika jeung Agama Islam. Pikeun persiapan ulangan poé senén. Sementara di bumina Bianka keur asik jeung handphonena. Anjeunna mikiran kumaha carana supaya Tiara teu di pikaresep deui. Anjeunna gaduh hiji ide pikeun ngajahatan Tiara.
Poé senén, ulangan kahiji pelajaran Basa Indonésia. Ulangan lancar teu aya kaributa. Bél ka-2 ganti pelajaran Agama Islam salila 90 menit ulangan lancar. Bél ka-3 waktosna istirahat,murid-murid sadayana jajan ka kantin,iwal ti Bianka. Bianka di kelas,anjeunna nyobék kertas keur nyieun contékan MTK palsu. Bél ka-4 istirahat réngsé,pelajaran terakhir matematika. Murid sadayana ngerjakeun soal ulangan, waktosna salila 120 menit. Sisa waktos 15 menit, Bianka ngabalangkeun kertas tadi kaarah Tiara, Tiara penasaran éta téh naon. Dibaca ku anjeunna. Pangawas nyampeurkeun Tiara, Tiara dituduh nyonték.
"Tiara ieu téh bukti anjeun nyonték, ayeuna anjeun ibu bawa ka ruang guru." Saur pangawas
"Tapi Bu, éta kertas sanés gaduh abdi Bu." Saur Tiara, nétéskeun cai socana.
"Tapi ieu téh jelas aya di panangan anjeun." Saur pangawas. Tiara kaluar ti kelas, réréncangana nyurakan anjeuna "Huuuu...." . Salila saminggu téh Tiara ulangan sorangan dikantor, diawas ku Kapala sakola. Salila éta ogé réréncangana ngajarauhan Tiara.
Saminggu ti dinya, aya bukti lamum lain Tiara anu ngagaduhan kertas contékanna. Kapala sakola masang CCTV di kelas, hasil rékaman CCTV téh nunjukkeun lamun anu nyieun contékan téh bianka, jeung Bianka ogé anu mitnah Tiara. Bianka téh di skor ku Kapala sakola sabab perilakuna éta. Bianka téh nyampeurkeun Tiara
"Tiara puntennya, hampura abdi sok jahat ka Tiara, abdi tos mitnah Tiara." Saur Bianka.
"Muhun ku abdi tos di hapunteun da. Mugi-mugi masalah anjeun énggal réngsé." Saur Tiara.
"Hatur nuhun Tiara, anjeun téh émang réréncangan abdi anu pang bageurna, sanajan abdi sok ngajahatan anjeun." Saur Bianka langsung nangkeup meluk Tiara.
"Sami-sami Bianka. Mugi-mugi peristiwa ieu téh bisa dijadikeun pelajaran ku anjeun jeung urang sadayana." Saur Tiara.
Ayeuna Tiara jeung Bianka jadi akur, réréncangan sadayana jadi gumbira ayeuna Bianka sadar jeung bageur ka kabéhan.
Langganan:
Komentar (Atom)